Protokol Resepsi Pernikahan

08.02
Protokol Resepsi Pernikahan

Bapak-bapa, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami linggih, hormateun simkuring.
Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang.Haturan wilujeung sumping ka calon panganten pameget miwah rombongan di wewengkon………………………………. tempat anyar pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi.

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah, sumangga mangle di kalungkeun ka calon panganten pamegeut,ku ibu/wawakil ti pihak calon panganten istri, salajeungna dihaturanan linggih ka calon panganten pameget miwah rombongan,di tempat anu parantos disayogikeun.

Assalamualaikum wr.wb
Bismillahirrohmanirrohim

Alhamdu Lillahi Rabbil Alamin. Ashadua ala ilaha ilalloh wahdahulasyarikala, waashadu anna muhammadan abduhu worosulluh.amma ba’du.

Alhamdulillah urang tiasa kempel ngariung di ieu tempat, kalayan aya dina kasehatan, bingah ka giri-giri bagja kumbayangan dina dinten ......, ping ........, dua insan parantos jangji pasini pikeun nyucruk galur sunah rosul, baris ngahiji ngajatukrami. Ngadahupna neng...........................putri na bapa..................kalih ibu.............. ka cep..........................Putrana bapa................kalih ibu..............
namung sateuacanna sim kuring pun..............., baris ngadugikeun rundaian acara nu bade di pedar, di antawisna;

1. Bubuka
2. Lantunan kalam illahi Ku : ......
3. Seren sumeren ti 2 pihak calon panaganten
    Panyerahan ti pihak calon panganten pameget ku:
    Panampian ti pihak calon panganten istri ku :
4. Simbolisasi seserahan
5. Walimatul urusy /akad nikah ku petugas KUA
6. Sungkeman
7. Doa Tutup

Bapa-bapa, ibu-ibu para wargi sadaya nu sami rawuh hormateun sim kuring, sumangga pikeun muka ieu acara urang sasarengan maos basmallah.Bismillahirrohmanirrohim.

Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara salajengna urang sami dangukeun lantunan kalam ilahi nu baris di lantunkeun ku ........ Waktos sareng tempat mangga nyanggakeun.

Ngahaturkeun nuhun ka kersana ......... Nuparantos ngalantunkeun kumandang kalam ilahi, malah mandar janten panambih nambih kaimanan sareng kataqwaan.Amin.

Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget miwah rombongan, Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga. Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, lisan dina saliring dumadi. Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul rupina, namung kedah di sarengan ku ucap. mugi teu janten kekeling galih renghat nya mamanahan, aya naon nya pamaksadan. Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang ka ieu tempat.
Ku kituna, sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeunana

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad, seja ngaitkeun janji pasini, manjangkeun simpai babarayaan, sakotretna tina hate.
Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna rupina bade nyerahkeun calon panganten pameget sareng cacandakanna. Sim kuring saukur darma, teu wasa panjang carita. Kanggo pang walerna baris di langsung di dugikeun kusesepuh ti pihak calon panganten istri, kanggo pangersa, sumangga nyanggakeun waktos sareng tempat.

Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan batu turun kesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.

Salajengna simbolisasi seren sumeren mangga ka ibu calon panganten pameget kanggo ngadugikeunna di tampi ku ibu calon panganten pameget.


(cacandakan sanesna tiasa diantaykeun )

Para wargi sadayana,

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana. Uga pakaitna tatali asih, ngadahupna Neng_____________ka cep __________________.
Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nudiseja mang nyata neda panyakseni ti para wargi sadayana, Upacara akad nikah seja dikawitan.

Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama, nyanggakeun waktosna.

barokallohu laka wabaroka alaika……….

Alhamdulillah acara akad nikah parantos dilaksanakeun kalayan lancar, mugia dua insan nu nembe resmi ngajadi tiasa sarendeuk saigel, sabobot sapihanean,kacai jadi saleuwi, kadarat jadi salogak, dina ngawangun rumah tangga anu sakinah mawadah warohmah.Amin

Salajengna panganten sungkem ka sepuhna nyungkeun widi kanggo ngarambah rumah tangga nu baris di bina. Sungkem pilih gentos ka sepuh panganten istri sareng pameget

Bapa-bapa, ibu-ibu miwah para wargi hormateun simkuring, rupina rundayan acara ti munggaran dugi ka akhir parantos rengse di pedar kalayan aya dina kalancaran , sim kuring pun lia Oktora baris amit mundur amit mungkur , hapunten anu kasuhun bilih aya basa nu teu luyu sareng undak usukna, bilih luhur saur bahe carek, rumaos sanes ahlina, kanggo nutup ieu acara sumangga urang pungkas ku maos hamdalah sasarengan. Alhamdulillahirrobil alamin.

Hatur nuhun, wassalaualaikum wr.wb

Kanggo para tatamu aya hidangan ala kadarna ti sohibul hajat, ku kituna sumangga dihaturanan.
Previous
Next Post »
0 Komentar