Sombong, Jalma Anu Teu Ngagunakeun Akal Dina Kakuduanna

02.53
Sombong, Jalma Anu Teu Ngagunakeun Akal Dina Kakuduanna
Sombong, Jalma Anu Teu Ngagunakeun Akal Dina Kakuduanna
Alesan Alloh ngagiringkeun manusa ka naraka sabab manusa dibere kaunggulan ti makhluk anu sejen, nyaeta aqal. Anu eta aqal henteu digunakeun kana kakuduanana. Sedengkeun Alloh mere ujian jeung cobaan, anu jawabanana supaya manggihkeun wahdaniyatna Alloh. Tegesna balik ka Alloh ku cara ngalaksanakeun parentah jeung ninggalkeun anu dilarang.

PENJELASAN

Dina surat al-A‘raf ayat 179:

وَلَقَدْ ذَرَأْنَا لِجَهَنَّمَ كَثِيرًا مِّنَ الْجِنِّ وَالْإِنسِ ۖ لَهُمْ قُلُوبٌ لَّا يَفْقَهُونَ بِهَا وَلَهُمْ أَعْيُنٌ لَّا يُبْصِرُونَ بِهَا وَلَهُمْ آذَانٌ لَّا يَسْمَعُونَ بِهَا ۚ أُولَٰئِكَ كَالْأَنْعَامِ بَلْ هُمْ أَضَلُّ ۚ أُولَٰئِكَ هُمُ الْغَافِلُونَ


Sakabeh manusa pasti percaya, dina kaayaan urang ker diboro ku tujuh panon poe. Lobana kotoran, darah, nanah sagala aya didiri urang. Urang pasti ngalaman kana hiji waktu anu teu bisa cicing, terus kudu bergerak, sabab diboro kupanasna panon poe. Bari lain jalan anu balungbang, tapi jalan anu baseh ku kesang urang.

Bari teu sakabeh make suku, aya anu kawas hiled lempang ku betengna. Lain ukur eta, aya anu lempang ngagerelengkeun sirahna bari bengetna lain anu ieu tapi make benget mirip laku lampah di dunia. Aya anu bengetna anjing, bagong. Lain batur eta teh, urang sarerea pasti kitu. Moal aya anu moncor saurang oge.

Bring jelema ngabring teu bisa diengkekeun, teu bisa eren. Anu ku beteng mampu lempang ku betengna, anu mampu ku bujur angsrod-angsrodan ku bujurna, wayahna bari benget anu beda-beda. Naha kunaon atuh manusa di kanarakakeun?

Kusabab manusa dibere kaunggulan ti makhluk anu sejen, nyaeta kacerdasan anu lebih. Anu bisa manggihkeun hal sejen di balik masalah, supaya manusa bisa maham kana ayana hukum akal. Dimana keputusan akal ieu teh ngarti bahwa bumi robah tina teu aya ngajadi aya. Perubahan eta ngajadi dasar ayana anu ngayakeun tina teu aya kana aya. Kulantaran kitu, sakabeh makhluk nu aya, pasti aya nu nyiptakeun. Alloh ngadawuh dina surat ar-Ro’du ayat 16:

قُلْ مَن رَّبُّ السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضِ قُلِ اللَّهُ



“Maka Alloh ngabejakeun yen anu ngurus, anu nyiptakeun langit jeung bumi teh nyaeta Alloh”.

Wahdaniyat fi-dzat salab kam muttasil jeung kamunfasil, wahdaniyat fi-sifat salab kamutasil kamunfasil. Wungkul Alloh pangeran eweh deui pangeran salianti Alloh. Wungkul Alloh anu ngabobagaan sifat kapangeranan, kabeh te boga sifat kapangeranan. Alloh anu barang jieun, diluar Alloh eweh anu boga barang jieun.

Dauhan Alloh dina surat at-Taubah 51:

قُل لَّن يُصِيبَنَا إِلَّا مَا كَتَبَ اللَّهُ لَنَا هُوَ مَوْلَانَا ۚ وَعَلَى اللَّهِ فَلْيَتَوَكَّلِ الْمُؤْمِنُونَ

Manusa dibere akal pikeun ngadeteksi bahwa ayana sifat wahdaniyat di Alloh. Alloh anu ngatur (rububiyah), Alloh anu kudu disembah (uluhiyah), Alloh anu kudu ditaati parentah jeung larangana (mulkiyah). Saha wae manusa anu ngagunakeun akalna pasti bakal manggihkeun dzat pencipta anu buahna pasti ngalakonan imtitsal jeung ijtinab.

Dina nalika ngagunakeun kasampurnaan akalna, tegesna mah mampu ngagunakeunn akal pemikiranana pasti moal gagabah nincak, sabab nincak hakekat teh bukti kayakinan. Kayakinan urang diciptakeun ku Alloh. Sagala sesuatu datang ti Alloh jeung endingna nyaeta terus dicoba, disaring ku Alloh, diseleksi deui, mana manusa anu hebat imana, anu tangguh kayakinana. Nu dicobana teh gemerlap kaimanan. Sabab manusa dibere kaunggulan akal. Alloh ngadawuh dina surat al-Baqoroh ayat 164:

إِنَّ فِي خَلْقِ السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضِ وَاخْتِلَافِ اللَّيْلِ وَالنَّهَارِ وَالْفُلْكِ الَّتِي تَجْرِي فِي الْبَحْرِ بِمَا يَنفَعُ النَّاسَ وَمَا أَنزَلَ اللَّهُ مِنَ السَّمَاءِ مِن مَّاءٍ فَأَحْيَا بِهِ الْأَرْضَ بَعْدَ مَوْتِهَا وَبَثَّ فِيهَا مِن كُلِّ دَابَّةٍ وَتَصْرِيفِ الرِّيَاحِ وَالسَّحَابِ الْمُسَخَّرِ بَيْنَ السَّمَاءِ وَالْأَرْضِ لَآيَاتٍ لِّقَوْمٍ يَعْقِلُونَ

Coba gunakeun pikiran keur hirup ulah mikir kejo we sahuapeun. Teu kudu jadi jelema ari mikiran jang dahar mah, ucing ge teu mikir dahar.

Alloh nyiptakeun beurang, Alloh nyiptakeun peuting, meteor-meteor aya dina garis jalana. Gunung di puncugukeun, sawah diratakeun, laut indah katingalina, tanda-tanda Alloh teh aya. Alloh teh teu jauh tapi kunaon teu karasa deketna ku diri. Alloh teh anu ningali tapi teu ngarasa diri ditingali ku Alloh. Alloh maha ngadangu tapi teu pernah ngarasa di dangu ku Alloh. Sombong, egois asa aing. Eta teh sifat manusa anu didawuhkeun ku Alloh bakal di giring ka naraka teh nu kitu. Bisa anu bodo, pinter, miskin, kaya, pejabat, rakyat, santri, ajengan atawa jalma anu biasa.

Rek iraha urang kabawa palid ku pangeling-ngeling ti Alloh, rek iraha urang balik kana nasehat deui ti Alloh. Naudzubillah ulah nepika jadi manusa model kitu.

كَيْفَ يَحْتَجِبُ الحَقُّ بِشَيْءٍ وَالَّذي يَحْتَجِبُ بِهِ هُوَ فيهِ ظاهِرٌ، وَمَوجودٌ حاضِرٌ

Saur Ibnu Athoilah, teu kaharti pangeran teh aya diharepeun tapi teu ngarasa ayana, eta teh lamun dirina sombong asa aing atawa dirina ngarasa manusa anu boga kakawasaan. Moal aya anu nyaah ka diri iwalti diri sorangan. Indung ngan saukur ngakandung ka urang, ges lahir mah pindah beda sirah beda beteng. Paeh dikubur sewang-sewangan, di akherat can aya jaminan pikeun babarengan.

Geus puguh jelas pangeran teh deket tapi teu katempo. Geus puguh aya harepeun tapi dipalengoskeun. Dawuhan Alloh dina surat Qof ayat 16:

وَلَقَدْ خَلَقْنَا الْإِنسَانَ وَنَعْلَمُ مَا تُوَسْوِسُ بِهِ نَفْسُهُ ۖ وَنَحْنُ أَقْرَبُ إِلَيْهِ مِنْ حَبْلِ الْوَرِيدِ

Sombong pisan jiwa-jiwa manusa, takabur hate jeung perasaan urang. Moal aya anu nyaah, bapa ngan ukur ngayuga, guru ngan ukur mitutur, nu nyaah kadiri mah diri sorangan. Alloh anu nyieun anu nyaram, jauhan anu dicarek ku Alloh jadilah manusa anu unggul diharepeun Alloh.

Previous
Next Post »
0 Komentar