Tampilkan postingan dengan label Pidato bahasa sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Pidato bahasa sunda. Tampilkan semua postingan

Contoh Panata Acara Perpisahan (Paturay Tineung) Bahasa Sunda

06.31 Add Comment


Contoh Acara Paturay Tineung Bahasa Sunda
 Acara Paturay Tineung Bahasa Sunda

Assalamualaikum wr.wb

Sampurasun anu kasuhun ka pupuhu SMAN majalaya, pupuhu Dinas Pendidikan, komite sakola, guru-guru SMAN Majalaya, bagea ka siswa-siswi SMAN Majalaya, ibu miwah bapak, saderek sadayana, kum ka dulur-dulur nu pengkuh mitra baraya nu satia kana basa jeung budaya sunda.

Sateuacana sumangga urang sasarengan nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Agung anu parantos maparin kasehatan sareng kakiatan ka urang sadaya. Alhamdulillah ku jalaran nikmat ti manten-Na dina danget ieu urang tiasa kempel ngariung di ieu tempat dina raraga “Paturay Tineung Kelas XII SMAN Majalaya”.

Sholawat sinareng salam, urang sanggakeun ka jungjunan alam Nabi Muhammad SAW. , ka para kulawargana, para sohabatna, kalih urang salaku umatna. Amin.

Langkung tipayun simkuring seja nyanggakeun pangwilujeng, rehna siswa-siswi kelas XII parantos lulus Ujian Nasional tahun 2016.

Sateuacana, didieun aya sababaraha rupi acara. Simkuring bade medarkeun heula runtuyan acarana diantawisna:
  1. Bubuka
  2. Mapag Pupuhu
  3. Aosan Ayat Suci Al-Quran
  4. Pidangan lagu ti Paduan Suara SMAN Majalaya
  5. Laporan ti pupuhu panata calagara
  6. Laporan ti pupuhu OSIS
  7. Pidangan tarian (mangrupi tari merak ti wawakil siswi kelas XI SMAN Majalaya
  8. Kedal lisan ti wawakil kelas XII
  9. Pidangan seni angklung ti Lingkung Seni Sunda SMAN Majalaya
  10. Kedal lisan ti pupuhu sakola
  11. Pidangan lagu ti Paduan Suara SMAN Majalaya
  12. Kedal lisan ti komite sakola
  13. Kedal lisan ti Dinas Pendidikan
  14. Pidangan upacara adat prosesi paturay tineung kelas XII
  15. Doa
  16. Pidangan kasenian gondang
  17. SMANSA Award
  18. Bewara siswa/siswi berprestasi
  19. Pembagian STTB
  20. Panutup
Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga urang kawitan wae ieu acara ku aosan basmallah sasarengan. Bismillahirrahmanirrahim.

Hadirin anu ku simkuring dipihormat, salajengna hayu urang nyakseni mangrupi pidangan prosesi mapag pupuhu SMAN Majalaya miwah rengrengan. Mangga dilajengkeun ku panumbu catur kasenian.

Hadirin, salajengna hayu urang sami-sami regepkeun aosan ayat suci Al-Quran anu seja didugikeun ku saderk…… ka saderek……dihaturanan.

Nincak kana acara nu kaopat. Urang nyakseni mangrupi pidangan lagu ti paduan suara SMAN Majalaya.

Salajengna nyaeta laporan ti pupuhu panata calagara. Ka saderek…..dihaturanan.

Lajeng, acara nu kagenep nyaeta laporan ti pupuhu OSIS. Ka saderek……dihaturan.

Nincak kana acara nu katujuh, hayu urang sami-sami nyakseni mangrupi pidangan tari merak ti wawakil siswi kelas XI SMAN Majalaya.

Salajengna, acara nu kadalapan nyaeta kedal lisan ti wawakil kelas XII. Ka saderek…dihaturanan.

Lajeng, acara nu kasalapan nyaeta mangrupi pidangan seni angklung ti Lingkung Seni Sunda SMAN Majalaya. Wilujeng nyakseni.

Salajengna, acara nu kasapuluh kedal lisan ti pupuhu sakola. Bapak Drs. H Masduki Heryana M.M anu ku simkuring dipihormat dihaturanan.

Nincak kana acara nu kasabelas mangrupi pidangan lagu ti paduan suara SMAN Majalaya. Wilujeng nyakseni.

Salajengna, acara nu kaduabelas kedal lisan ti komite sakola. Bapak ……… anu ku simkuring dipihormat dihaturanan.

Salajengna, acara nu katilubelas kedal lisan ti pupuhu Dinas Pendidikan. Bapak ……… anu ku simkuring dipihormat dihaturanan.

Ayeuna urang nincak kana acara puncak, mangrupi pidangan upacara adat prosesi paturay tineung kelas XII. Mangga dilajengkeun ku panumbu catur kasenian.

Lajeng, acara nu kalimabelas nyaeta doa. Ka saderek………..dihaturan kanggo mingpin doa.

Salajengna, acara nu kagenepbelas mangrupi pidangan kasenian gondang. Hayu urang sami-sami nyakseni.

Nincak kana acara nu katujuhbelas nyaeta SMANSA Award. Naon atuh SMANSA Award teh?

Acara nu salajengna nyaeta beware siswa/siswi berprestasi.

Lajeng, acara nu kasalapanbelas, hayu urang nyakseni kelas XII dibaragi STTB.

Ibu miwah bapak anu ku simkuring dipihormat. Runtuyan acara parantos dilaksanakeun. Mugi-mugi ieu acara teh aya mangpaatna. Rupina ieu acara teh urang pungkas wae, simkuring Hanifah Alshofa Nurul Aini sareng Deden Kurnia Syam neda dihapunten samudaya kalepatan. Hatur nuhun kana perhatosannana. Mangga urang tutup ku aosan hamdallah sasarengan. Alhamdulillahirabbilalamin….Wassalamualaikum wr.wb

JALMA PINTER INGET KANA MAOT

22.37 Add Comment
JALMA PINTER INGET KANA MAOT
JALMA PINTER INGET KANA MAOT

Allah swt maparin peringatan ka urang sarerea, bisi urang sarerea terlena ku kahirupan di alam dunya nepika mopohokeun hiji perkara anu pasti bakal kasorang ku sarerea, kalawan dawuhan mantena dina al-Quran surat al-Jumuah ayat 8:

قُلْ إِنَّ الْمَوْتَ الَّذِي تَفِرُّونَ مِنْهُ فَإِنَّهُ مُلَاقِيكُمْ ۖ ثُمَّ تُرَدُّونَ إِلَىٰ عَالِمِ الْغَيْبِ وَالشَّهَادَةِ فَيُنَبِّئُكُم بِمَا كُنتُمْ تَعْمَلُونَ


“Caritakeun ku anjeun Muhammad saenya-enyana maot, anu maraneh kabur tina eta maot, eta bakal nepungan ka maraneh kabeh. Tuluy maraneh kabeh bakal dibalikeun ka Dzat anu maha uninga kana sakabeh perkara anu gaib jeung kana sakabeh perkara anu ka saksi. Tuluy anjeuna bakal ngabejakeun ka maraneh kabeh kana sakabeh perkara anu geus dilakukeun ku maraneh kabeh”.

Kumargi ayat eta, maka sunat mu’akad pikeun sakabeh jalma anu iman:
  1. Ngalobakeun mieling kana maot.
  2. Ngarasakeun kana tereh datangna maot ka diri.
  3. Persiapan pikeun nyanghareupan maot ku cara tobat anu bener jeung ngalakukeun amal-amal anu soleh.
Rosulullah SAW parantos ngadawuh anu dicandak tina kitab موعظة المؤمنين من إحياء علوم الدين karangan Syeikh Muhammad Jamaludin al-Qosami:

أكثروا من ذكر الموت فإنه يمحص الذنوب ويزهد في الدنيا

“Maraneh kabeh kudu loba mieling kana maot, lantaran mieling kana maot matak ngahapus kana pirang-pirang dosa jeung matak juhud tina dunya”

Jalma anu sering eling kana maot sarta nyiapkeun diri pikeun nyangharepan maot ku jalan tobat, sareng ngalakukeun amal-amal soleh, ka asup jalma anu paling pinter mungguh Rosulullah saw.

حَدَّثَنَا سَعِيدُ بْنُ يَحْيَى الْقُرَشِيُّ ، نا أَبِي ، عَنْ مَالِكِ بْنِ مِغْوَلٍ ، عَنْ مُعَلًّى ، عَنْ مُجَاهِدٍ ، عَنِ ابْنِ عُمَرَ , قَالَ : أَتَيْتُ النَّبِيَّ عَاشِرَ عَشَرَةٍ ، فَجَاءَهُ رَجُلٌ مِنَ الأَنْصَارِ , فَقَالَ : يَا رَسُولَ اللَّهِ ، مَنْ أَكْيَسُ النَّاسِ ، وَأَكْرَمُ النَّاسِ ؟ قَالَ : " أَكْثَرُهُمْ ذِكْرًا لِلْمَوْتِ ، وَأَشَدُّهُمُ اسْتِعْدَادًا لَهُ ، أُولَئِكَ هُمُ الأَكْيَاسُ ، ذَهَبُوا بِشَرَفِ الدُّنْيَا ، وَكَرَامَةِ الآخِرَةِ "


Rosulullah saw kantos ditaros, “ saha jalma anu ka asup pinter wahai rasulullah ? ”. Rosul ngawaler “Ari jalma anu cerdas nyaeta pangloba-lobana manusa elingna kana maot, jeung pang alus-alusna manusa persiapanana pikeun nyanghareupan maot. Tah eta jalma-jalma kaasup jalma anu palinter, maranehanana arindit ti alam dunia kalawan mawa kamulyaan dunya jeung kamulyaan ahirat.”

PENJELASAN

Allah swt dina salah sawios ayatna ngadawuhkeun:

قُلْ إِنَّ الْمَوْتَ الَّذِي تَفِرُّونَ مِنْهُ فَإِنَّهُ مُلَاقِيكُمْ ۖ ثُمَّ تُرَدُّونَ إِلَىٰ عَالِمِ الْغَيْبِ وَالشَّهَادَةِ فَيُنَبِّئُكُم بِمَا كُنتُمْ تَعْمَلُونَ

“Caritakeun ku anjeun Muhammad ka sakabeh umat, bahwa maot anu dipikasieun ku maraneh kabeh, anu belaan maraneh kabeh kabur tina maot, eta teh bakal datang nepungan maraneh kabeh. Sanajan di embung-embung, hoream, dipikasieun, kabur tina maot. Tetep, dimana-mana datang waktuna maot, maot bakal datang. Lantaran maot teh mangrupakeun hak kajadian anu pasti bakal terjadi kalawan teu diragukeun deui.”

Allah ngadawuhkeun dina Al-Quran suran al-Imron ayat 185:

كُلُّ نَفْسٍ ذَائِقَةُ الْمَوْتِ ۗ وَإِنَّمَا تُوَفَّوْنَ أُجُورَكُمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ ۖ فَمَن زُحْزِحَ عَنِ النَّارِ وَأُدْخِلَ الْجَنَّةَ فَقَدْ فَازَ ۗ وَمَا الْحَيَاةُ الدُّنْيَا إِلَّا مَتَاعُ الْغُرُورِ


“Sakabeh awak-awakan sakabeh mahkluk anu bernafas anu kumeulit di dunia kabeh ge pasti bakal ngalaman maot.”

Sabenerna anu disebut maot mah mang rupakeun resiko hirup. Ges resiko manakala hirup pasti bakal ngalaman maot. Sarerea pasti bakal ngalaman, ngarandapan. Ngan kadang kadang aya anu sadar bahwa diri rek maot, aya anu terkena ku kahirupan dunia, terbuai ku kasenangan,terbuai ku kasibukan nepika naon hal anu pasti bakal terjadi karandapan ku diri kapopohokeun.

Soal maot hak sarerea, pasti sarerea bakal ngalaman. Kusabab kitu teu kudu dipikasieun, eta mah proses peralihan tina kahirupan dunia pindah ka kahirupan akherat. Tapi anu kudu jadi pemikiran bahan ingetan nyaeta nasib dina sabada maot, lantaran maot teh lain akhir tina problematika, tapi awal tina persoalan-persoalan anu leuwih gede.

Hirup di alam dunia mah mun susah, susah. lain susah saenyana, susah-susahan, susah anu sifatna semu. Bungah ge nyakitu deui, lain bungah anu saenyana. Hirup di alam dunia teu aya bungah anu hakeki, teu aya kesenangan anu hakeki. Allah teu nyiptakeun kasenangan di alam dunia, malahan lamun jalma neneangan kasenangan di dunia, eta teh sarua jeung ngamomorekeun kana umur, ngahambur-hambur umur, bari anu diteangan moal kapanggih. Saperti anu disaurkeun ku Abu Tholib al-Maki:

من طلب ما لم يخلق ضيع العمر ولم يرزق

“Saha jalma anu neangan barang anu teu diciptakeun ku Allah maka bakal ngamumunyah umur jeung moal kapanggih barang anu diteangan”.

و ما لم يخلق؟ الراحة في الدنيا

Salah sawios murid-muridna tumaros ”naon barang anu teu diciptakeun?”. Abu tholib al-maki sasauran ”barang anu teu diciptakeun ku Allah teh nyaeta kasenangan di alam dunya”.

Moal aya senang, di dunya mah leuheung. Susah lain susah saenyana, lamun bungah lain bungah saenyana. Tapi dina saba’da كُلُّ نَفْسٍ ذَائِقَةُ الْمَوْتِ , eta nyanghareupan proses anu luar biasa, nyanghareupan permasalahan anu leuwih beurat.

Rasulullah SAW ngadawuhkeun :

حدثنا هناد حدثنا يحيى بن معين حدثنا هشام بن يوسف حدثني عبد الله بن بحير أنه سمع هانئا مولى عثمان قال كان عثمان إذا وقف على قبر بكى حتى يبل لحيته فقيل له تذكر الجنة والنار فلا تبكي وتبكي من هذا فقال إن رسول الله صلى الله عليه وسلم قال إن القبر أول منزل من منازل الآخرة فإن نجا منه فما بعده أيسر منه وإن لم ينج منه فما بعده أشد منه


“Ari kubur teh nyaeta hiji tangga, kadudukan, tingkat tina akherat. Saha jalma anu salamet tina proses kubur sabada kematian lebet ka lahad kubur ngahadapi pertanyaan malaikat Munkar Nakir. Manakala lulus didinya maka kejadian dina saba’da proses kubur eta leuwih enteng”.

Bakal dihadapi kalawan leuwih enteng nyanghareupan ba’ats, kumpul di padang mahsyar proses hisab timbangan amal, meuntas cukang sirotol mustaqim, eta bakal dilakukeun kalawan enteng, dimana-mana lulus proses kuburna. Tapi sawangsulna

“Saha jalma anu teu salamet tina proses kubur, tegesna alam barzah maka kajadian-kajadian anu sabada kuburna bakal leuwih beurat, jang jalma anu teu lulus dina proses barzahna”.

Ieu teh kedah janten bahan tafakuran. Allah ngadawuhkeun dina saba’da proses kematian:

“Maraneh kabeh bakal dihadapkeun ka dzat anu maha uninga kana sakabeh barang anu gaib jeung barang anu nemrak”.

Tegesna dina sabada maot lain tuntas tina kasusah jeung kariweuh tapi merupakan awal tina kasusah jeung kariweh. Bakal dihadapkeun ka Alloh pikeun mempertanggung jawabkeun sagala prilaku anu pernah dilakukeun di alam dunia.

Allah bakal ngabolekerkeun kana sakabeh amal-amalan anu pernah dilakukeun dialam dunia. Hadena di temrakeun, gorengna ge nyakitu deui ditemrakeun. Allah ngadawuhkeun dina al-Quran surat al-Jaljalah ayat 7:

فَمَن يَعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ خَيْرًا يَرَهُ

“Saha jalma anu pernah ngalakukeun tina kahadean sanajan ngan sagede siki sasawi, pasti bakal kapanggih”.

وَمَا تُقَدِّمُوا لِأَنفُسِكُم مِّنْ خَيْرٍ تَجِدُوهُ عِندَ اللَّهِ


“Naon rupa perkara anu ges dilakukeun di alam dunya tina rupa kahadean pasti ke bakal kapanggih dihadapan Allah swt”.(QS.alMujamil:20)

Nyakitu deui amal awon oge bakal ditemrakeun ku Allah :

وَمَن يَعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ شَرًّا يَرَهُ

“Saha jalma anu ngalakukeun sanajan ngan satimbang siki sasawi tina kagorengan pasti bakal katingali ke di akherat, moal aya barang anu nyumput”.(QS.al-Jaljalah:8)

Numawi Saidina Umar parantos ngadawuhkeun :

حاسبوا أنفسكم قبل أن تُحاسبوا


“Kudu maca kalakuan diri, memeh maraneh kabeh dihisab ku Allah di poe kiamat”

وتأَحبوا للعرض الاكبر عند الله لاتخْف فيه خافيه


”Kudu geuwat persiapan pikeun nyanghareupan poe dipintonkeun, ditemrakeun sakabeh amal-amalan dihadapan Allah swt. Dina poe eta moal aya hiji amal-amalan anu nyumput saeutik oge pasti bakal nemrak”.

Sombong, Jalma Anu Teu Ngagunakeun Akal Dina Kakuduanna

02.53 Add Comment
Sombong, Jalma Anu Teu Ngagunakeun Akal Dina Kakuduanna
Sombong, Jalma Anu Teu Ngagunakeun Akal Dina Kakuduanna
Alesan Alloh ngagiringkeun manusa ka naraka sabab manusa dibere kaunggulan ti makhluk anu sejen, nyaeta aqal. Anu eta aqal henteu digunakeun kana kakuduanana. Sedengkeun Alloh mere ujian jeung cobaan, anu jawabanana supaya manggihkeun wahdaniyatna Alloh. Tegesna balik ka Alloh ku cara ngalaksanakeun parentah jeung ninggalkeun anu dilarang.

PENJELASAN

Dina surat al-A‘raf ayat 179:

وَلَقَدْ ذَرَأْنَا لِجَهَنَّمَ كَثِيرًا مِّنَ الْجِنِّ وَالْإِنسِ ۖ لَهُمْ قُلُوبٌ لَّا يَفْقَهُونَ بِهَا وَلَهُمْ أَعْيُنٌ لَّا يُبْصِرُونَ بِهَا وَلَهُمْ آذَانٌ لَّا يَسْمَعُونَ بِهَا ۚ أُولَٰئِكَ كَالْأَنْعَامِ بَلْ هُمْ أَضَلُّ ۚ أُولَٰئِكَ هُمُ الْغَافِلُونَ


Sakabeh manusa pasti percaya, dina kaayaan urang ker diboro ku tujuh panon poe. Lobana kotoran, darah, nanah sagala aya didiri urang. Urang pasti ngalaman kana hiji waktu anu teu bisa cicing, terus kudu bergerak, sabab diboro kupanasna panon poe. Bari lain jalan anu balungbang, tapi jalan anu baseh ku kesang urang.

Bari teu sakabeh make suku, aya anu kawas hiled lempang ku betengna. Lain ukur eta, aya anu lempang ngagerelengkeun sirahna bari bengetna lain anu ieu tapi make benget mirip laku lampah di dunia. Aya anu bengetna anjing, bagong. Lain batur eta teh, urang sarerea pasti kitu. Moal aya anu moncor saurang oge.

Bring jelema ngabring teu bisa diengkekeun, teu bisa eren. Anu ku beteng mampu lempang ku betengna, anu mampu ku bujur angsrod-angsrodan ku bujurna, wayahna bari benget anu beda-beda. Naha kunaon atuh manusa di kanarakakeun?

Kusabab manusa dibere kaunggulan ti makhluk anu sejen, nyaeta kacerdasan anu lebih. Anu bisa manggihkeun hal sejen di balik masalah, supaya manusa bisa maham kana ayana hukum akal. Dimana keputusan akal ieu teh ngarti bahwa bumi robah tina teu aya ngajadi aya. Perubahan eta ngajadi dasar ayana anu ngayakeun tina teu aya kana aya. Kulantaran kitu, sakabeh makhluk nu aya, pasti aya nu nyiptakeun. Alloh ngadawuh dina surat ar-Ro’du ayat 16:

قُلْ مَن رَّبُّ السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضِ قُلِ اللَّهُ



“Maka Alloh ngabejakeun yen anu ngurus, anu nyiptakeun langit jeung bumi teh nyaeta Alloh”.

Wahdaniyat fi-dzat salab kam muttasil jeung kamunfasil, wahdaniyat fi-sifat salab kamutasil kamunfasil. Wungkul Alloh pangeran eweh deui pangeran salianti Alloh. Wungkul Alloh anu ngabobagaan sifat kapangeranan, kabeh te boga sifat kapangeranan. Alloh anu barang jieun, diluar Alloh eweh anu boga barang jieun.

Dauhan Alloh dina surat at-Taubah 51:

قُل لَّن يُصِيبَنَا إِلَّا مَا كَتَبَ اللَّهُ لَنَا هُوَ مَوْلَانَا ۚ وَعَلَى اللَّهِ فَلْيَتَوَكَّلِ الْمُؤْمِنُونَ

Manusa dibere akal pikeun ngadeteksi bahwa ayana sifat wahdaniyat di Alloh. Alloh anu ngatur (rububiyah), Alloh anu kudu disembah (uluhiyah), Alloh anu kudu ditaati parentah jeung larangana (mulkiyah). Saha wae manusa anu ngagunakeun akalna pasti bakal manggihkeun dzat pencipta anu buahna pasti ngalakonan imtitsal jeung ijtinab.

Dina nalika ngagunakeun kasampurnaan akalna, tegesna mah mampu ngagunakeunn akal pemikiranana pasti moal gagabah nincak, sabab nincak hakekat teh bukti kayakinan. Kayakinan urang diciptakeun ku Alloh. Sagala sesuatu datang ti Alloh jeung endingna nyaeta terus dicoba, disaring ku Alloh, diseleksi deui, mana manusa anu hebat imana, anu tangguh kayakinana. Nu dicobana teh gemerlap kaimanan. Sabab manusa dibere kaunggulan akal. Alloh ngadawuh dina surat al-Baqoroh ayat 164:

إِنَّ فِي خَلْقِ السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضِ وَاخْتِلَافِ اللَّيْلِ وَالنَّهَارِ وَالْفُلْكِ الَّتِي تَجْرِي فِي الْبَحْرِ بِمَا يَنفَعُ النَّاسَ وَمَا أَنزَلَ اللَّهُ مِنَ السَّمَاءِ مِن مَّاءٍ فَأَحْيَا بِهِ الْأَرْضَ بَعْدَ مَوْتِهَا وَبَثَّ فِيهَا مِن كُلِّ دَابَّةٍ وَتَصْرِيفِ الرِّيَاحِ وَالسَّحَابِ الْمُسَخَّرِ بَيْنَ السَّمَاءِ وَالْأَرْضِ لَآيَاتٍ لِّقَوْمٍ يَعْقِلُونَ

Coba gunakeun pikiran keur hirup ulah mikir kejo we sahuapeun. Teu kudu jadi jelema ari mikiran jang dahar mah, ucing ge teu mikir dahar.

Alloh nyiptakeun beurang, Alloh nyiptakeun peuting, meteor-meteor aya dina garis jalana. Gunung di puncugukeun, sawah diratakeun, laut indah katingalina, tanda-tanda Alloh teh aya. Alloh teh teu jauh tapi kunaon teu karasa deketna ku diri. Alloh teh anu ningali tapi teu ngarasa diri ditingali ku Alloh. Alloh maha ngadangu tapi teu pernah ngarasa di dangu ku Alloh. Sombong, egois asa aing. Eta teh sifat manusa anu didawuhkeun ku Alloh bakal di giring ka naraka teh nu kitu. Bisa anu bodo, pinter, miskin, kaya, pejabat, rakyat, santri, ajengan atawa jalma anu biasa.

Rek iraha urang kabawa palid ku pangeling-ngeling ti Alloh, rek iraha urang balik kana nasehat deui ti Alloh. Naudzubillah ulah nepika jadi manusa model kitu.

كَيْفَ يَحْتَجِبُ الحَقُّ بِشَيْءٍ وَالَّذي يَحْتَجِبُ بِهِ هُوَ فيهِ ظاهِرٌ، وَمَوجودٌ حاضِرٌ

Saur Ibnu Athoilah, teu kaharti pangeran teh aya diharepeun tapi teu ngarasa ayana, eta teh lamun dirina sombong asa aing atawa dirina ngarasa manusa anu boga kakawasaan. Moal aya anu nyaah ka diri iwalti diri sorangan. Indung ngan saukur ngakandung ka urang, ges lahir mah pindah beda sirah beda beteng. Paeh dikubur sewang-sewangan, di akherat can aya jaminan pikeun babarengan.

Geus puguh jelas pangeran teh deket tapi teu katempo. Geus puguh aya harepeun tapi dipalengoskeun. Dawuhan Alloh dina surat Qof ayat 16:

وَلَقَدْ خَلَقْنَا الْإِنسَانَ وَنَعْلَمُ مَا تُوَسْوِسُ بِهِ نَفْسُهُ ۖ وَنَحْنُ أَقْرَبُ إِلَيْهِ مِنْ حَبْلِ الْوَرِيدِ

Sombong pisan jiwa-jiwa manusa, takabur hate jeung perasaan urang. Moal aya anu nyaah, bapa ngan ukur ngayuga, guru ngan ukur mitutur, nu nyaah kadiri mah diri sorangan. Alloh anu nyieun anu nyaram, jauhan anu dicarek ku Alloh jadilah manusa anu unggul diharepeun Alloh.

Contoh teks panata acara dalam bahasa sunda

00.19 16 Comments
Contoh teks panata acara dalam bahasa sunda
Peringatan Isra Mi’raj di SMA .....

Mc : Bismillahirrahmanirrahim

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Bapa Kepala SMA ...... anu ku sim kuring dipihormat
Bapa Ustad................... anu ku sim kuring dipihormat
Bapa/Ibu guru kalih rẻngrẻngan tata usaha anu ku sim kuring dipihormat,
teu kakantun rẻrẻncangan sadaya anu ku sim kuring dipikareueus

Langkung ti payun sumangga urang manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Nu Maha Suci, Allah SWT, anu parantos ngalẻlẻrkeun ni’mat sareng kasehatan dugi ka urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu tempat kanggo pangẻmut dinten Isra Mi’raj Nabi Muhammad SAW.

Solawat sinareng salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna dugi ka dinten kiamah. Aamiin. Simkuring ngadeg di payuneun hadirin sadaya wirẻh kapancẻnan salaku panata acara seja ngadugikeun sababaraha acara anu baris kasanggakeun, di antawisna :

1. Bubuka
2. Maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun solawat nabi
3. Laporan ti Ketua Panitia Pelaksana
4. Pamapag ti Bapa Kepala SMA N 1 Jalaksana
5. Taushiyah
6. Doa/Panutup

Hadirin sadaya anu ku sim kuring dipihormat supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga ieu acara urang buka ku maos basmalah sasarengan, Bismillahirrahmanirrahim.

Acara kadua, maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun kana aosan solawat nabi. Kakersana ustad..... mangga dihaturanan.

MC : Hatur nuhun ka kersana ustad....... anu parantos ngaoskeun ayat suci Alqur’an sareng mingpin aosan solawat nabi, malahmandar janteun panambih-nambih kaimanan sareng kataqwaan. Aamiin..

Nincak kana acara katilu, laporan Ketua Panitia Pelaksana Peringatan Isra Mi’raj. Ka kersana.......... mangga dihaturanan ka payun.

MC : Hatur nuhun ka kersana........ anu parantos ngadugikeun laporanana, mudah-mudahan ageung manfaatna.

Nincak kana acara kaopat, pamapag ti Bapa Kepala SMA ...... . Ka Pangersa Bapa ...... , waktos sinareng tempat disayogikeun.

MC : Hatur nuhun ka kersana Bapa ....... , anu parantos ngadugikeun pamapagna, mugia ageung manfaatna.

Nincak kana acara kalima, nya ẻta taushiyah/siraman ruhani ti Almukarom Bapak Ustad....... Sumangga waktos sinareng tempat disayogikeun.

MC : Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad....... anu parantos ngadugikeun taushiyahna, mugia ageung pisan manfaatna kanggo urang sadaya.

Nincak kana acara nu terakhir, nya ẻta doa/panutup. Acara doa ieu baris dipingpin ku Bapa Ustad..... Sumangga Bapa Ustad..... dihaturanan kanggo mingpin doa.

Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad....... anu parantos mingpin doa, mugia doa urang sadaya di kobul ku AllaH SWT. Aamiin.

Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil‘alamin. 

Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan panitia anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Billahi taufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb.

Pidato Bahasa Sunda : Ulah Putus Asa

17.16 Add Comment
Pidato Bahasa Sunda : Ulah Putus Asa
Alloh ngadamel kelompok manusa anu teu aya kasieun henteu aya kasedih dina perjalanan hirupna. Lamun aya tanjakan karuat naekan, lamun panggih jeung walungan mampu ngojayan, henteu galideur ku robahna kaayaan, dasarna iman sareng kataqwaan ka Alloh. Aranjeuna kelompok manusa anu aya disekitar Alloh nyaeta kelompok al-Auliya.

PENJELASAN.

Dina nalika maca kaayaan urang sewang-sewangan, nalika datang parentah Alloh lain jadi pribadi anu nyampurnakeun parentahannana, malah kadang ninggalkeun naon anu diparentah ku Alloh. Ninggalkeun parentah Alloh atawa ngajalankeun parentah Alloh henteu sampurna eta lain harepan cita-cita diri.

Nalika keur mikir mah kapikir geuning, ”aing lalawora ngalaksanekun parentah Alloh”. Keur manteng mikir mah, “gening aing wani ninggalkeun parentah Alloh”. Tapi dina praktekna, ternyata sulit pinuh ku kendala, anu pada akhirna muncul dina pikir jeung rasa bahwa diri teh teuu aya pantesna, teu aya bagiannana pikeun sampurna ngalaksanakeun parentah Alloh, da anu nggeus oge geningan gagal deui. Beda keur nalika datang perkara anu dicarek ku Alloh, bebelaan nyumput tina panempona manusa, kulawarga, ti guru, ti dulur, pikeun bebas ngalaksanakeun anu dilarang ku Alloh, padahal eta laku keur sorangan, eta lain perkara anu dipikahayang. Bahkan geuning nalika urang geus migawe dosa, betapa karasa sulitna diri ngajauhan anu dilarang ku Alloh anu pada akhirna muncul kaputus asaan diri, “mereun kuring mah lain bagiannana”.

Al-Quran surat yunus ayat 62-64 :

أَلَا إِنَّ أَوْلِيَاءَ اللَّهِ لَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلَا هُمْ يَحْزَنُونَ () الَّذِينَ آَمَنُوا وَكَانُوا يَتَّقُونَ () لَهُمُ الْبُشْرَى فِي الْحَيَاةِ الدُّنْيَا وَفِي الْآَخِرَةِ لَا تَبْدِيلَ لِكَلِمَاتِ اللَّهِ ذَلِكَ هُوَ الْفَوْزُ الْعَظِيمُ


"Inget saestuna para Wali Alloh eta teu aya kasieun jeung kasedih, maranehna iman jeung taqwa, pinuh kabungah di dunia jeung di akheratna, moal aya nu bisa ngaganti kana katetepan ti Alloh, eta kabagjaan nu agung" (QS.Yunus 62-64).

Henteu kudu dituluykeun eta rasa kaputus asaan. Alloh nganggo bahasa أَلَا “inget ulah poho, inget gumatikeun, inget maneh sing jadi bagian”. Aya kelompok لَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ “henteu gedag kupedah loba pikapaureun, henteu luntur ku pedah loba pinalangsaeun”. Lain henteu aya kasieun, lain henteu aya pisieuneun, tapi pisieuneun henteu jadi kasieun pikeun kelompok eta manusa. Lain eweh pisediheun tapi eta kasedih te matak ngahalang ka eta kelompok manusa.

Tangtu anu dianggap pikasieuneun, pikasediheun nyaeta fakta-fakta hirup anu datang ka diri, qudrot irodatna Alloh anu nyampak kapigawe ku diri, pulak canggeung tinu maha kawasa nu katarima ku diri. Fakta-fakta hirup anu katarima ku diri, Alloh ngadamel kelompok manusa لَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلَا هُمْ يَحْزَنُونَ , Moal aya tanjakan kajaba aranjeuna mampu naek kana tangga anu paling luhur. Moal aya walungan kajaba aranjeuna mampu meuntasan eta walungan

Teu aya gunung anu teu bisa didaki, teu aya danau anu teu bisa diarungi, teu aya sungai anu bisa bisa disebrangan, sabab Alloh masihan fasilitas لَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلَا هُمْ يَحْزَنُونَ.

Jadi atuh saha wae diantara urang anu ngarasa sulit, beurat nalika ngalaksanakeun parentah Alloh. Anu ngarasa jatuh bangun nalika ngalaksanakeun titah parentah Alloh, anu begitu sulit pikeun ngahindar tina naon anu dicarek ku Alloh, Alloh mere penjelasan أَلَا “ catat bahwa kami Alloh mampu membuat kelompok manusa لَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلَا هُمْ يَحْزَنُونَ “.

Saha manusa-manusa anu kuat, unggul, tahan banting, tahan lapar, tahan kesulitan, sabar, sadar dina menghadapi sagala rangkaian tantangan ujian jeung cobaan? jawabannana إِنَّ أَوْلِيَاءَ اللَّهِ nyaeta kelompok manusa anu langsung dina pengurusan Alloh, tegesna manusa anu deukeut jeung Alloh.

Anu kumaha manusa anu deukeut jeung Alloh ? Tangtu Ibnu Athoilah nyaurkeun dina kitab hikam

قُرْبُكَ مِنْهُ أنْ تَكونَ مُشاهِداً لِقُرْبِهِ، وَإلّا فَمِنْ أيْنَ أنْتَ وَوجودُ قُرْبِهِ؟

Alloh wujud aqli mukholafah, heunteu kajangkau ku hisi, tur aqlina lain mumatsalah saperti bingung jeung susah, tapi aqlina mukholafah. Henteu bisa dipresentasikeun bahwa manusa anu deukeut ka Alloh pacekel-cekel secara fisik jeung Alloh, henteu tiasa kitu sabab وَلَمْ يَكُن لَّهُ كُفُوًا أَحَدٌ . Tapi anu dimaksad manusa anu deukeut jeung Alloh nyaeta manusa-manusa anu ngarasa Alloh deukeut jeung diri.

Alloh ngadawuh dina Al-Quran surat Al-baqoroh ayat 186 :

وَإِذَا سَأَلَكَ عِبَادِي عَنِّي فَإِنِّي قَرِيبٌ ۖ أُجِيبُ دَعْوَةَ الدَّاعِ إِذَا دَعَانِ ۖ فَلْيَسْتَجِيبُوا لِي وَلْيُؤْمِنُوا بِي لَعَلَّهُمْ يَرْشُدُونَ


“Dimana aya anu nanya ka anjeun hamba-hamba tentang Kami Alloh, Alloh nganyatakeun kami deukeut”

Lamun Alloh geus nganyatakeun Kami deukeut, kunaon manusa teu ngarasa Alloh deukeut jeung urang, ngarasa bahwa Alloh deukeut, ningalikeun, ngabandungan. Alloh deukeut jang mere responsif terhadap janji-janji Alloh, lamun rek tisoledat geuwat dikewad ku Alloh, da ngarasa diri deukeut, da ngarasa Alloh deukeut jeung diri. Dimana rek kiceup salah geuwat dihalangan ku Alloh.

Alloh memproklamirkan فَإِنِّي قَرِيبٌ bahkan وَنَحْنُ أَقْرَبُ إِلَيْهِ مِنْ حَبْلِ الْوَرِيدِ “leuwih deukeut tibatan urat beuheung”. Ngarespon pernyataan-pernyataan eta, maka responsifna bahwa diri ngarasa deukeut jeung Alloh, tegesna Alloh netep, ngadangu, merhatikeun, kadeudeuhna moal ngantep ka urang, kabeungharannana moal ngantep kana kabutuhna urang.

وَلَقَدْ خَلَقْنَا الْإِنسَانَ وَنَعْلَمُ مَا تُوَسْوِسُ بِهِ نَفْسُهُ ۖ وَنَحْنُ أَقْرَبُ إِلَيْهِ مِنْ حَبْلِ الْوَرِيدِ


"Kami nyieun manusa, Kami nyaho kana perkara nu ngaganggu hatena, tapi Kami leuwih deukeut tibatan urat beuheungna" (QS.Qof 16)

Tinggal masalahna, masalahna nyaeta proses. Kumaha proses supaya ngarasa Alloh deukeut jeung diri, da Alloh mah geus puguh deukeut. Maenya jeung jalma ngadeukeutan teu ngarasa deukeut jeung eta jalma, tapi etamah secara fisik.

Alloh nganyatakeun ”kami deukeut”, tapi kunaon urang teu ngarasa deukeut, aya proses anu can dilakukeun ku urang, aya langka-langkah anu can dilaksanakeun ku urang , aya strategi-strategi anu can dipake ku urang.

Alloh ngadawuh dina surat al-anfal ayat 12 :

إِذْ يُوحِي رَبُّكَ إِلَى الْمَلَائِكَةِ أَنِّي مَعَكُمْ فَثَبِّتُوا الَّذِينَ آمَنُوا ۚ سَأُلْقِي فِي قُلُوبِ الَّذِينَ كَفَرُوا الرُّعْبَ فَاضْرِبُوا فَوْقَ الْأَعْنَاقِ وَاضْرِبُوا مِنْهُمْ كُلَّ بَنَانٍ

إِذْ يُوحِي رَبُّكَ إِلَى الْمَلَائِكَةِ أَنِّي مَعَكُم ngajelaskeun bahwa “ Kami jeung anjeun wahai malaikat”

فَثَبِّتُوا الَّذِينَ آمَنُوا kulantaran kami deukeut jeung anjeun kusabab kitu panjangkeun hate-hatena jalma anu ariman.

Kami Alloh deukeut sarta anjeun malaikat, malaikat diparentah ku Alloh ”cabakan jiwa-jiwa manusa hamba kami, usapan malaikat hamba-hamba kami”, sahingga diusap ku malaikat, ditiup ku malaikat menjadi manusa لَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلَا هُمْ يَحْزَنُونَ.

eta teknis mangrupakeun perintah Alloh, pernyataan Alloh. Naha anu bersangkutan budak leutik? bisa jadi. Naha kena usapan malaikat ka jalma anu geus kolot? henteu mustahil. Naha ka santri Pantes? Naha ka lain santri henteu aya anu henteu pantes?, asalkeun الَّذِينَ آمَنُوا. Diparentah malaikat ku Alloh supaya menyapa, supaya menyampaikeun, supaya niupkeun, ngusapkeun ka manusa-manusa, nalika eta terjadi maka Alloh membentangkan لَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلَا هُمْ يَحْزَنُونَ jadi pribadi anu siap, hebat, kuat, unggul, kokoh.

Lamun urang ayeuna kabeneran lain turunan jalma alus, henteu jadi halangan, nalika Alloh ngersakeun bisa terjadi. Lamun bener kupedah turunan, gening Alloh nyieun conto Kan’an teh malah bapana utusan Alloh. Lamun bener kupedah keluarga, geuningan anu nyilakakeun teh istrina nabi Lut, carogena utusan Alloh.

Saha wae anu satiap saat kajebak, ngarasa sulit ngalaksanakeun parentah Alloh, ngarasa beurat ninggalkeun anu dicarek ku Alloh, henteu kudu putus asa. Jawabannana أَلَا inget Alloh janji, inget catat ulah poho, jadikeun diri anjeun manusa kelompok لَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلَا هُمْ يَحْزَنُونَ . Saha jalmana? أَوْلِيَاءَ اللَّهِ . saha أَوْلِيَاءَ اللَّهِ ? Anu ngarespon tentang pernyataan Alloh “kami deukeut jeung hamba Kami”, maka manusa anu ngarasa deukeut anu disebut أَوْلِيَاءَ اللَّهِ.

Henteu kudu panca kaki pedah belet diri, pinter diri, turunan jalma alus, ngora jeung kolot. Saha wae anu wani ngalakukeun kedekatan, maka manehannnana anu bakal ngameunangkeun jiwa لَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلَا هُمْ يَحْزَنُونَ , jeung malaikat diparentah ku Alloh supaya membelai, menyapa manusia anu disayangi Alloh.

Sumber : https://www.miftahul-huda.com