JALMA PINTER INGET KANA MAOT

22.37
JALMA PINTER INGET KANA MAOT
JALMA PINTER INGET KANA MAOT

Allah swt maparin peringatan ka urang sarerea, bisi urang sarerea terlena ku kahirupan di alam dunya nepika mopohokeun hiji perkara anu pasti bakal kasorang ku sarerea, kalawan dawuhan mantena dina al-Quran surat al-Jumuah ayat 8:

قُلْ إِنَّ الْمَوْتَ الَّذِي تَفِرُّونَ مِنْهُ فَإِنَّهُ مُلَاقِيكُمْ ۖ ثُمَّ تُرَدُّونَ إِلَىٰ عَالِمِ الْغَيْبِ وَالشَّهَادَةِ فَيُنَبِّئُكُم بِمَا كُنتُمْ تَعْمَلُونَ


“Caritakeun ku anjeun Muhammad saenya-enyana maot, anu maraneh kabur tina eta maot, eta bakal nepungan ka maraneh kabeh. Tuluy maraneh kabeh bakal dibalikeun ka Dzat anu maha uninga kana sakabeh perkara anu gaib jeung kana sakabeh perkara anu ka saksi. Tuluy anjeuna bakal ngabejakeun ka maraneh kabeh kana sakabeh perkara anu geus dilakukeun ku maraneh kabeh”.

Kumargi ayat eta, maka sunat mu’akad pikeun sakabeh jalma anu iman:
  1. Ngalobakeun mieling kana maot.
  2. Ngarasakeun kana tereh datangna maot ka diri.
  3. Persiapan pikeun nyanghareupan maot ku cara tobat anu bener jeung ngalakukeun amal-amal anu soleh.
Rosulullah SAW parantos ngadawuh anu dicandak tina kitab موعظة المؤمنين من إحياء علوم الدين karangan Syeikh Muhammad Jamaludin al-Qosami:

أكثروا من ذكر الموت فإنه يمحص الذنوب ويزهد في الدنيا

“Maraneh kabeh kudu loba mieling kana maot, lantaran mieling kana maot matak ngahapus kana pirang-pirang dosa jeung matak juhud tina dunya”

Jalma anu sering eling kana maot sarta nyiapkeun diri pikeun nyangharepan maot ku jalan tobat, sareng ngalakukeun amal-amal soleh, ka asup jalma anu paling pinter mungguh Rosulullah saw.

حَدَّثَنَا سَعِيدُ بْنُ يَحْيَى الْقُرَشِيُّ ، نا أَبِي ، عَنْ مَالِكِ بْنِ مِغْوَلٍ ، عَنْ مُعَلًّى ، عَنْ مُجَاهِدٍ ، عَنِ ابْنِ عُمَرَ , قَالَ : أَتَيْتُ النَّبِيَّ عَاشِرَ عَشَرَةٍ ، فَجَاءَهُ رَجُلٌ مِنَ الأَنْصَارِ , فَقَالَ : يَا رَسُولَ اللَّهِ ، مَنْ أَكْيَسُ النَّاسِ ، وَأَكْرَمُ النَّاسِ ؟ قَالَ : " أَكْثَرُهُمْ ذِكْرًا لِلْمَوْتِ ، وَأَشَدُّهُمُ اسْتِعْدَادًا لَهُ ، أُولَئِكَ هُمُ الأَكْيَاسُ ، ذَهَبُوا بِشَرَفِ الدُّنْيَا ، وَكَرَامَةِ الآخِرَةِ "


Rosulullah saw kantos ditaros, “ saha jalma anu ka asup pinter wahai rasulullah ? ”. Rosul ngawaler “Ari jalma anu cerdas nyaeta pangloba-lobana manusa elingna kana maot, jeung pang alus-alusna manusa persiapanana pikeun nyanghareupan maot. Tah eta jalma-jalma kaasup jalma anu palinter, maranehanana arindit ti alam dunia kalawan mawa kamulyaan dunya jeung kamulyaan ahirat.”

PENJELASAN

Allah swt dina salah sawios ayatna ngadawuhkeun:

قُلْ إِنَّ الْمَوْتَ الَّذِي تَفِرُّونَ مِنْهُ فَإِنَّهُ مُلَاقِيكُمْ ۖ ثُمَّ تُرَدُّونَ إِلَىٰ عَالِمِ الْغَيْبِ وَالشَّهَادَةِ فَيُنَبِّئُكُم بِمَا كُنتُمْ تَعْمَلُونَ

“Caritakeun ku anjeun Muhammad ka sakabeh umat, bahwa maot anu dipikasieun ku maraneh kabeh, anu belaan maraneh kabeh kabur tina maot, eta teh bakal datang nepungan maraneh kabeh. Sanajan di embung-embung, hoream, dipikasieun, kabur tina maot. Tetep, dimana-mana datang waktuna maot, maot bakal datang. Lantaran maot teh mangrupakeun hak kajadian anu pasti bakal terjadi kalawan teu diragukeun deui.”

Allah ngadawuhkeun dina Al-Quran suran al-Imron ayat 185:

كُلُّ نَفْسٍ ذَائِقَةُ الْمَوْتِ ۗ وَإِنَّمَا تُوَفَّوْنَ أُجُورَكُمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ ۖ فَمَن زُحْزِحَ عَنِ النَّارِ وَأُدْخِلَ الْجَنَّةَ فَقَدْ فَازَ ۗ وَمَا الْحَيَاةُ الدُّنْيَا إِلَّا مَتَاعُ الْغُرُورِ


“Sakabeh awak-awakan sakabeh mahkluk anu bernafas anu kumeulit di dunia kabeh ge pasti bakal ngalaman maot.”

Sabenerna anu disebut maot mah mang rupakeun resiko hirup. Ges resiko manakala hirup pasti bakal ngalaman maot. Sarerea pasti bakal ngalaman, ngarandapan. Ngan kadang kadang aya anu sadar bahwa diri rek maot, aya anu terkena ku kahirupan dunia, terbuai ku kasenangan,terbuai ku kasibukan nepika naon hal anu pasti bakal terjadi karandapan ku diri kapopohokeun.

Soal maot hak sarerea, pasti sarerea bakal ngalaman. Kusabab kitu teu kudu dipikasieun, eta mah proses peralihan tina kahirupan dunia pindah ka kahirupan akherat. Tapi anu kudu jadi pemikiran bahan ingetan nyaeta nasib dina sabada maot, lantaran maot teh lain akhir tina problematika, tapi awal tina persoalan-persoalan anu leuwih gede.

Hirup di alam dunia mah mun susah, susah. lain susah saenyana, susah-susahan, susah anu sifatna semu. Bungah ge nyakitu deui, lain bungah anu saenyana. Hirup di alam dunia teu aya bungah anu hakeki, teu aya kesenangan anu hakeki. Allah teu nyiptakeun kasenangan di alam dunia, malahan lamun jalma neneangan kasenangan di dunia, eta teh sarua jeung ngamomorekeun kana umur, ngahambur-hambur umur, bari anu diteangan moal kapanggih. Saperti anu disaurkeun ku Abu Tholib al-Maki:

من طلب ما لم يخلق ضيع العمر ولم يرزق

“Saha jalma anu neangan barang anu teu diciptakeun ku Allah maka bakal ngamumunyah umur jeung moal kapanggih barang anu diteangan”.

و ما لم يخلق؟ الراحة في الدنيا

Salah sawios murid-muridna tumaros ”naon barang anu teu diciptakeun?”. Abu tholib al-maki sasauran ”barang anu teu diciptakeun ku Allah teh nyaeta kasenangan di alam dunya”.

Moal aya senang, di dunya mah leuheung. Susah lain susah saenyana, lamun bungah lain bungah saenyana. Tapi dina saba’da كُلُّ نَفْسٍ ذَائِقَةُ الْمَوْتِ , eta nyanghareupan proses anu luar biasa, nyanghareupan permasalahan anu leuwih beurat.

Rasulullah SAW ngadawuhkeun :

حدثنا هناد حدثنا يحيى بن معين حدثنا هشام بن يوسف حدثني عبد الله بن بحير أنه سمع هانئا مولى عثمان قال كان عثمان إذا وقف على قبر بكى حتى يبل لحيته فقيل له تذكر الجنة والنار فلا تبكي وتبكي من هذا فقال إن رسول الله صلى الله عليه وسلم قال إن القبر أول منزل من منازل الآخرة فإن نجا منه فما بعده أيسر منه وإن لم ينج منه فما بعده أشد منه


“Ari kubur teh nyaeta hiji tangga, kadudukan, tingkat tina akherat. Saha jalma anu salamet tina proses kubur sabada kematian lebet ka lahad kubur ngahadapi pertanyaan malaikat Munkar Nakir. Manakala lulus didinya maka kejadian dina saba’da proses kubur eta leuwih enteng”.

Bakal dihadapi kalawan leuwih enteng nyanghareupan ba’ats, kumpul di padang mahsyar proses hisab timbangan amal, meuntas cukang sirotol mustaqim, eta bakal dilakukeun kalawan enteng, dimana-mana lulus proses kuburna. Tapi sawangsulna

“Saha jalma anu teu salamet tina proses kubur, tegesna alam barzah maka kajadian-kajadian anu sabada kuburna bakal leuwih beurat, jang jalma anu teu lulus dina proses barzahna”.

Ieu teh kedah janten bahan tafakuran. Allah ngadawuhkeun dina saba’da proses kematian:

“Maraneh kabeh bakal dihadapkeun ka dzat anu maha uninga kana sakabeh barang anu gaib jeung barang anu nemrak”.

Tegesna dina sabada maot lain tuntas tina kasusah jeung kariweuh tapi merupakan awal tina kasusah jeung kariweh. Bakal dihadapkeun ka Alloh pikeun mempertanggung jawabkeun sagala prilaku anu pernah dilakukeun di alam dunia.

Allah bakal ngabolekerkeun kana sakabeh amal-amalan anu pernah dilakukeun dialam dunia. Hadena di temrakeun, gorengna ge nyakitu deui ditemrakeun. Allah ngadawuhkeun dina al-Quran surat al-Jaljalah ayat 7:

فَمَن يَعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ خَيْرًا يَرَهُ

“Saha jalma anu pernah ngalakukeun tina kahadean sanajan ngan sagede siki sasawi, pasti bakal kapanggih”.

وَمَا تُقَدِّمُوا لِأَنفُسِكُم مِّنْ خَيْرٍ تَجِدُوهُ عِندَ اللَّهِ


“Naon rupa perkara anu ges dilakukeun di alam dunya tina rupa kahadean pasti ke bakal kapanggih dihadapan Allah swt”.(QS.alMujamil:20)

Nyakitu deui amal awon oge bakal ditemrakeun ku Allah :

وَمَن يَعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ شَرًّا يَرَهُ

“Saha jalma anu ngalakukeun sanajan ngan satimbang siki sasawi tina kagorengan pasti bakal katingali ke di akherat, moal aya barang anu nyumput”.(QS.al-Jaljalah:8)

Numawi Saidina Umar parantos ngadawuhkeun :

حاسبوا أنفسكم قبل أن تُحاسبوا


“Kudu maca kalakuan diri, memeh maraneh kabeh dihisab ku Allah di poe kiamat”

وتأَحبوا للعرض الاكبر عند الله لاتخْف فيه خافيه


”Kudu geuwat persiapan pikeun nyanghareupan poe dipintonkeun, ditemrakeun sakabeh amal-amalan dihadapan Allah swt. Dina poe eta moal aya hiji amal-amalan anu nyumput saeutik oge pasti bakal nemrak”.

Previous
Next Post »
0 Komentar