Nampi Calon Panganten Pameget

07.50
Nampi Calon Panganten Pameget

Assalamu 'alaikum warhmatullaahi Wabarakaatuh.

Alahamdu lillaahil ladzii arsala rasuulahu bil hudaa, wadiinil haq, liyudh hiraahu alladziini kullihi wakafaa billaahi syahidaa. Asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahuu laa syariikalah, wa asyhadu anna muhammadan abduhu waraasuluhu la nabiya ba'dah. 
Allaahumma shalli wasallim wabarik 'alaa sayyidina Muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihii wa manit taqa, amma ba'du.

Ibu-bapa, hadirin sadaya utamina para tamu, sepuh anom jaler istri rahimakumullah.
Saba'da bubuka nembe, mitembeyan minangka pangjajap saur, Sim kuring minangka nangtung sambung laku, letah sambung carita ti kulawarga .........(Ramana Panganten Istri), Ramana pituin calon panganten istri Neng .................(Panganten Istri), nyanggakeun haturan sumping, disarengan ku laksa keti kabingahan, ka para wargi sadaya, anu parantos kersa ngadongkapan ka ieu patempatan, mugia bae, kasumpingan para tatamu ieu teh sing ngajantenkeun hiji ibadah anu ditampi ku Allah SWT. Amin yaa Allah Yaa Rabbal alamiin.

Kawuwuh nembe, sakumaha kasauran sepuhna calon panganten pameget, deuh, balungbang timur caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan, kitu ibaratna eusi dada sim kuring sakulawarga ayeuna, sugri anu disaurkeun nembe, sakitu beres roesna, atuh nu dipasrahkeunana, sakitu gindingna, sakitu tegepna,dedeg sampe rupa hade, anu lajeng dipasrahkeunana pisan, kantenan, eta nu diajeng-ajeng siang kalayan wengi teh, malah tos asa beuheung sosonggeteun, sim kuring sakulawarga tos cilingcingcat bae ti enjing keneh, komo Neng .............(Panganten Istri) mah, inggis pajar teh, sieun Kang ................(Panganten Pameget), teu cios sumping, saur juru mamaos mah kieu cenah geuning,Yeuh badan abdi buktina, kapan sakieu reksakna, manis, kapan sakieu reksakna, dunungan, hate teh awut-awutan, ku lami puyang payengan, dunungan, ayeuna mah geuning, ku lami puyang payengan.. Nanging buktosna mah bet ngembang boled, nu dianti teu burung dugi, nu ditunggu teu burung cunduk, kalayan salamet teu kirang sawios-wios, atuh kantenan, ditampi ku asta kalih, kasuhun kalingga murba, binarungan bingah amarwata suta, bingah anu teu aya hinggana.

Nya kitu deui cacandakanana, sakitu seueurna, sakitu numpukna, kirang kumaha deui, sok sanaos yaktos teu diantos-antos, ditampi kalayan kabingahan, henteu bade diteundeun dihandap-handap, estu disuhun dina embunan-embunan, mugia bae, janten hiji kamangfaatan, pikeun barudak nu bakal nyorang kahirupan dunya anyar, dina wanda wangunan rumah tangga.

Sawangsulna, mugia ageung sih hapuntena, tina sagala rupi kakirangan, dina leresan panampian, utamina, bilih kirang tata titina, kirang duduga peryogana, mugi ulah kirang-kirang nya ngahapunten.

Pamungkas rupina, urang sami-sami ngadu'a bae ka Allah SWT, mugia paneja barudak nu bade jatukrami ieu, miwah pamaksadan urang nu janten sepuhna, tiasa diijabah ku Allah SWT, "Barakallaahu laka wabaraka alaika, wa jama 'a bainakumaa fii khaiir" Amiin Yaa Allah Yaa Rabbal alamiin, Amiin yaa mujibas saa 'ilin,

Wasallam mu'alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh
Previous
Next Post »

5 komentar