Mika cinta Ka Anak Yatim

08.12

Mika cinta Ka Anak Yatim

Para hadirin anu baragja!
Urang sadaya salaku mukmin jeung muslim tangtuna oge urang teh kudu ngabogaan hate anu jembar rejeung berehan pikeun tiasa mika nyaah ka anak-anak yatim saperti mika nyaahna ka anak-anak sorangan, yakni dibere kadaharan, inuman, pakean, pendidikan jeung sabangsana. Jalma anu bener-bener mika hayang boga hate jembar jeung hate leuleus, jeung mika hayang dicumponan sagala rupa pamaksudan, maka perlu pisan ngabogaan sifat nyaah ka budak-budak yatim. Ku ayana kitu ngadawuh Nabi SAW:
"Naha anjeun mika resep kana leuleus hate anjeun jeung mika hayang kana kacumponan kabutuh anjeun, maka kudu mika nyaah jeung kudu ngusap anjeun kana sirahna jeung kudu mere kadaharan anjeun maka bakal leuleus hate anjeun jeung bakal disubadanan bubutuh anjeun ku Gusti Allah".

Jadi ku ayana mika nyaah ka anak-anak yatim Gusti Allah bakal nyumponan sagala kabutuh sareng kahoyong sarta hate urang di jembarkeun tina kasempitan hirup.

Para hadirin anu mulya!
Sajabana ti eta, Gusti Allah bakal ngabales ganjaran surga abdi-abdina anu ngurus anak-anak yatim jeung disurgana caket sareng kanjeung Nabi Muhammad SAW, saperti deukeutna jajangkung jeung curuk.

Dumasar kana hal eta pisan, dimana-mana aya anak yatim di imah urang, maka ulah pisan diapilainkeun, diantep malahan kudu dianggap anak sorangan atawa dulur sorangan. Sahingga dina sagala rupa hal henteu dibeda-bedakeun. Sakitu singkatna anu kapihatur. Mudah-mudahan bermanfaat.
Previous
Next Post »
0 Komentar