Syukuran Nikmat Allah

06.22
Syukuran Nikmat Allah


Hadirin Rahima Kumullah!
Lamun urang sadaya nyarioskeun masalah nikmat Allah, maka moal aya anu bisa ngitung kana eta nikmat, sabab sagala rupa perkara anu ku urang sadaya dialaman jeung anu dibogaan eta sakabehna paparin ti Gusti Allah, oge urang sadaya tiasa ngalangkahkeun dua dampal suku dongkap kana tempat anu bahagia ieu, eta ngarupakeun anugrah ti Gusti Allah. Karana lamun henteu aya nikmat ti Gusti Allah entong boro-boro usik sanajan ngiceup oge moal bisa.

Kuayana tumarima kana eta sakabehna teh, maka sakabehna jalma bakal bisa syukuran kana nikmat Gusti Allah, maka anu mangrupakeun kasehatan jasmani atawa rohani sarta anugrah anu sejenna. Kuayana kacida pisan pentingna syukuran kana nikmat anu ku Gusti Allah parantos dipasihkeun ka urang sadaya, maka Nabi Muhammad SAW ngadawuh:

"Ari nyaritakeun kana nikmat Allah eta teh syukuran, jeung ari ninggalkeun nyaritakeun nikmat Allah eta kufur, jeung saha jalma anu henteu syukur kana nikmat anu saeutik maka henteu syukur kana nikmat anu loba. Jeung saha jalma anu henteu nganuhunkeun ka jalma anu sejen maka henteu syukur ka Gusti Allah, jeung ari kukumpulan eta rohmat, jeung ari pipisahan eta siksa".

Satiap kanikmatan anu geus dipaparinkeun ka urang sadaya eta teh kudu disyukuran ku urang sadaya, naha ku ucapan atawa ku pagawean, saperti mere kadaharan ka anak-anak yatim, kafakir miskin. Jadi nikmat Allah sok sanajan saeutik, eta kudu disyukuran ku urang sadaya. Sabab saha bae jalam anu henteu syukuran nikmat anu saeutik maka henteu syukuran nikmat anu loba, jeung deui eta jalma teh kaasupkeun jalma anu kufur nikmat.

Para hadirin ani dipicinta!
Berjamaah nurutkeun ieu hadits eta teh kukumpulan, bersatu, kusabab kitu urang sadaya henteu meunang ngasingkeun diri ngajauhan ti masyarakat, naon sababna? Karana ari berjamaah eta ngarupakeun hiji-hijina jalan pikeun ngahasilkeun kahadean. Jeung kudu terang aranjeun yen berjamaah eta ngarupakeun rahmat, jeung deui urang sadaya kedah terang saenyana pipisahan teh eta siksa. Kuayana kitu, maka urang sadaya kudu hirup bermasyarakat anu sauyunan. Sabab moal luput satiap jalma anging mika butuh kajalma sejen. Jadi rasa persatuan jeung rasa kesatuan anu ku urang sadaya kudu tetep digalang babarengan dina ngawujudkeun rasa katengtreman dina kahirupan bermasyarakat.

Mungsakitu anu tiasa didugikeun kahadirin sadaya, mudah-mudahan sing aya manfaatna. Amin.
Previous
Next Post »
0 Komentar