Kautamaan Ngahormat Ka Tamu

00.24
Kautamaan Ngahormat Ka Tamu

Para hadirin anu bahagia!
Agama islam mere didikan ka urang sadaya supaya urang sadaya salamina ngamulyakeun ka tamu, ari ngamulyakeun ka tamu teh, lain ngan saukur kudu nyuguhan ku daharan anu raos wungkul, tapi lamun henteu ramah-tamah dina cacarita eta moal aya paedahna, anu matak perlu pisan bersikap ramah-tamah lewih ti heula anu ku urang sadaya kudu dilaksanakeun dina nalika katamuan.
Naon hartina disuguhan dahar leueut, tapi ari tingkal laku sarta ucapan kurang alus. Jadi anu leuwih penting keur urang sadaya nalika tamu datang ka imah urang, maka ngamulyakeun nana teh ku caritaan anu ramah-tamah. Tuluy dipasihan dahar leueut anu salaras jeung kamampuhan urang.

Ari jalma anu ngamulyakeun ka tamu eta bakal meunang pahala ti Gusti Allah. Kuayana kadatangan tamu ka urang sadaya, maka ngandung harti asupna rizki, jeung kaluarna tamu ti imah urang sadaya eta ngandung harti dihampurana dosa-dosa urang sadaya.
Jeung pikeun eta tamu ngabogaan wates waktu anu geus ditangtukeun nurutkeun ajaran agama islam. Nyaeta tilu poe lilana. Maka lamun leuwih tina tilu poe eta geus lain tamu deui ngaranna. Sahubungan reujeng panarimaan tamu maka Nabi SAW ngadawuh kieu,
"Dimana-mana asup hiji tamu kahiji kaum maka geus asup rizki manehna, jeung dimana-mana kaluar eta tamu ti eta kaum maka kaluarna bareng jeung dihampura dosa-dosa na eta kaum".

Kuayana kitu jelas pisan yen saenyana ngamulyakein katamu eta bakal meunang pahala anu pohara ageung ti Gusti Allah anu bakal katarima ku manehna, jeung deui anu ngadatangkeun kana rizki jeung panghampura ti Allah, dimana-mana kaluar eta tamu ti imah urang.
Mudah-mudahan anu ku jisim kuring diuraikeun dina ieu blog masing aya manfaatna. Kirang sinareng langkungna hapunteun anu kasuhun.
Previous
Next Post »
0 Komentar