Contoh teks panata acara dalam bahasa sunda

00.19
Contoh teks panata acara dalam bahasa sunda
Peringatan Isra Mi’raj di SMA .....

Mc : Bismillahirrahmanirrahim

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Bapa Kepala SMA ...... anu ku sim kuring dipihormat
Bapa Ustad................... anu ku sim kuring dipihormat
Bapa/Ibu guru kalih rẻngrẻngan tata usaha anu ku sim kuring dipihormat,
teu kakantun rẻrẻncangan sadaya anu ku sim kuring dipikareueus

Langkung ti payun sumangga urang manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Nu Maha Suci, Allah SWT, anu parantos ngalẻlẻrkeun ni’mat sareng kasehatan dugi ka urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu tempat kanggo pangẻmut dinten Isra Mi’raj Nabi Muhammad SAW.

Solawat sinareng salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna dugi ka dinten kiamah. Aamiin. Simkuring ngadeg di payuneun hadirin sadaya wirẻh kapancẻnan salaku panata acara seja ngadugikeun sababaraha acara anu baris kasanggakeun, di antawisna :

1. Bubuka
2. Maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun solawat nabi
3. Laporan ti Ketua Panitia Pelaksana
4. Pamapag ti Bapa Kepala SMA N 1 Jalaksana
5. Taushiyah
6. Doa/Panutup

Hadirin sadaya anu ku sim kuring dipihormat supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga ieu acara urang buka ku maos basmalah sasarengan, Bismillahirrahmanirrahim.

Acara kadua, maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun kana aosan solawat nabi. Kakersana ustad..... mangga dihaturanan.

MC : Hatur nuhun ka kersana ustad....... anu parantos ngaoskeun ayat suci Alqur’an sareng mingpin aosan solawat nabi, malahmandar janteun panambih-nambih kaimanan sareng kataqwaan. Aamiin..

Nincak kana acara katilu, laporan Ketua Panitia Pelaksana Peringatan Isra Mi’raj. Ka kersana.......... mangga dihaturanan ka payun.

MC : Hatur nuhun ka kersana........ anu parantos ngadugikeun laporanana, mudah-mudahan ageung manfaatna.

Nincak kana acara kaopat, pamapag ti Bapa Kepala SMA ...... . Ka Pangersa Bapa ...... , waktos sinareng tempat disayogikeun.

MC : Hatur nuhun ka kersana Bapa ....... , anu parantos ngadugikeun pamapagna, mugia ageung manfaatna.

Nincak kana acara kalima, nya ẻta taushiyah/siraman ruhani ti Almukarom Bapak Ustad....... Sumangga waktos sinareng tempat disayogikeun.

MC : Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad....... anu parantos ngadugikeun taushiyahna, mugia ageung pisan manfaatna kanggo urang sadaya.

Nincak kana acara nu terakhir, nya ẻta doa/panutup. Acara doa ieu baris dipingpin ku Bapa Ustad..... Sumangga Bapa Ustad..... dihaturanan kanggo mingpin doa.

Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad....... anu parantos mingpin doa, mugia doa urang sadaya di kobul ku AllaH SWT. Aamiin.

Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil‘alamin. 

Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan panitia anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Billahi taufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb.
Previous
Next Post »

16 komentar