Dosa anu Panggancangna Meunang Balesan

23.28
Dosa anu Panggancangna Meunang Balesan


Para hadirin sadaya anu mulya!
Lamun urang sadaya nyaritakeun dina masalah dosa maka urang teu daya kusabab lamun aya dina diri urang sadaya sok sanajan hiji dosa, lamun henteu dihampura ku Gusti Allah, maka henteu luput urang sadaya tina nandangan siksaan ti Gusti Allah. Sabab hiji dosa teh matak ketir jeung keueung anu euweuh babandingannana pikeun jalma anu migawena. Maka ku kituna urang sadaya kudu waspada jeung ati-ati dina nitenan kahirupan sapopoe, naha ngadatangkeun dosa atawa kahadean. Urang sadaya kedah terang sareng kedah sieun ku dosa anu panggancangna dibales dialam dunya. Kuayana eta kanjeung Nabi Muhammad SAW ngadawuh kieu:
"Ari anu dua perkara eta bakal digancangkeun balesannana ku Gusti Allah di alam dunya, kahiji: Lacur, kaduana: doraka ka indung bapa".

Awewe anu hamil bari henteu boga salaki, maka dikanyahokeun dosana ku jalma loba, karena ku ayana ngandung teh ngabogaan harti manehna migawe jahat yakni zina. Ku angandungna eta awewe henteu kalawan nikah. Maka dirina sarta kulawargana anu nanggung kawirang ti jalma sejen, kureuneuhna eta awewe teh ngarupakeun salahsahijina siksaan ti Gusti Allah ka manehna nalika di dunya komo deui engke siksaan anu lewih banget di akherat.

Para hadirin anu dipicinta!
Dina ieu zaman anu akhir, henteu saeutik budak awewe anu hamil diluar pernikahan, tuluy buru-buru dikawinkeun kalawan tujuan nutupan kawirang. Maka pikeun ngawinkeun awewe anu hamil nurutkeun hukum islam eta haram, sok sanajan anu dikawinkeunnana teh jalma anu ngajinahannana. Kuayana kitu eta dosan zina teh narik kana dosa anu sejenna, sahingga jadi dosa anu berlipat ganda (dosa anu tikel-tikel). Kuayana sabab kitu urang sadayana kudu ngusahakeun kana ngajauhan dina migawe eta pagawean dosa zina anu keji. Supaya urang sadaya salamet tina dosa anu panggancangna balesan nalika hirup didunya.

Para hadirin anu dimulyakeun ku Allah!
Nyakitu deui anak anu doraka ka indung bapana, bakal menang panggancangna didunya lamun indung bapana henteu ngahampura kana dosa anakna sahingga anakna henteu bisa ngucapkeun kalimah tauhid dina sakaratul maut, kajadian saperti kitu geus bukti dizaman Nabi SAW. Nyaeta dina kaayaan hiji anak lalaki anu doraka kaindungna, samangsa manehna sakaratul maot letahna aya anu ngahalangan sahingga manehna henteu bisa ngucapkeun kalimah tauhid, tapi sanggeus dihampura ku indungna kakara bisa ngucapkeun kalimah tauhid sarta teras manehna ninggalkeun alam dunya.

Para hadirin anu mulya!
Eta anu dua rupa teh nyaeta dosa anu panggancangna dibalesna nalika dipigawe dina ieu kahirupan dunya. Kukituna hayu urang sadaya sasarengan ngadu'a ka Gusti Allah nyuhunkeun dipasihan kakuatan tiasa nebihan kana eta dosa anu dua tea. Sangkan urang sadaya henteu ti gebrus kana siksaan anu panggancangna balesannana di dunya. Jeung komo pisan bakal menang siksaan anu leuwih beurat engke di akhiratna.

Sakitu anu kapihatur, mudah-mudahhan aya manfa'atna pikeun urang sadaya. Akhirul Kalam.

Previous
Next Post »
0 Komentar