Maca Solawat Ka Nabi SAW

23.21

Para Saderek Sadaya Rahima Kumullah!
Dina ieu kasempatan jisim kuring bade ngamukakeun katerangan dawuhan Allah anu aya dina surat Al-Ahzab ayat 52 anu ieu unggeulna:
Maca Solawat Ka Nabi SAW
"Saestuna Allah sareng malaikat-malaikatna eta maraca solawat ka Kanjeung Nabi. Hei eling-eling jalma anu ariman kudu maraca solawat aranjeun ka Nabi jeung kudu maraca salam aranjeun ka Nabi kalawan salam hormat".

Kuayana sabab eta maka hayu urang sadaya sami-sami ngupayakeun dina ngadawamkeun maca solawat ka kanjeung Nabi urang sadaya Muhammad SAW. Karena mantenna teh hiji-hijina panutan urang sadaya, sareng anu parantos masihan pituduh ka urang sadaya kana jalan anu lempeng nyaeta ajaran agama islam.

Para hadirin sadaya anu dipihormat!
Dina hiji riwayat geus diterangkeun kana yen saenya-enyana sahabat Zaid kantos ngimpen, anjeunna patepang sareng kanjeung Nabi SAW. Sarta dina eta impoenan teh kanjeung Nabi henteu ningali (henteu malire) ka anjeunna, maka naros anjeunna: hai Rasulullah, naha Gusti hilap ka abdi? Maka kanjeung Nabi henteu ngawaler. Teuras anjeunna naros deui: Ya Rasulullah naha anjeun ngewa ka abdi? Maka Rasulullah ngawaleur henteu, tapi kami henteu pernah ningali ka anjeun, ya Rasulallah kaula parantos ngarungu kana cariosan ulama anu nyarioskeun: saenya-enyana gusti Rasul eta ningali ka umat gusti sapertos ningalina bapa kanu jadi anakna, teras kanjeung Nabi SAW ngadawuh: Bener pisan eta caritaan ulama, kana yen saenya-enyana kami eta leuwih nyaho ka umat kami anu maca solawat ka kami.

Sakitu anu tiasa didugikeun ka saderek sadaya. Mudah-mudahan aya manfaatna.

Previous
Next Post »
0 Komentar