Opat Jalma Anu Moal Asup Ka Surga

20.26
Hadirin Sadaya Anu Berbahagia!
Dina ieu kasempatan anu bahagia jisim kuring bade nguraikeun kana hiji hadits Nabi Saw anu kieu unggelna:
"Opat perkara eta hak ka Allah kana moal ngasupkeun Allah ka eta anu opat ka surga, jeung moal mere ngasaan Allah kamaranehanna kana kanikmatan surga:
  1. Jalma anu mayengkeun minum arak
  2. Jalam anu ngadahar kana barang riba
  3. Jalama anu ngadahar kana harta budak yatim (lain hakna)
  4. Jalma anu doraka ka indung bapana (hadits riwayat imam hakim)
Para hadirin sadaya Rahima Kumullah
Kacida pisan gede dosana pikeun jalma anu mayengkeun kana nginum arak. Sabab ari arakmah haram hukumna nurutkeun agama islam. Jeung hal ieu ngahalangan kana asupna kasurga, kusabab kitu satiap-tiap anu ngamabokkeun dina lobana, minum saeutik oge eta haram sanajan henteu mabok.

Hadirin sadaya Rahima Kumullah!
Kitu deui gede pisan dosana pikeun jalma anu ngadahar harta budak yatim. Padahal manehna boga harta milikna sahingga harta anak yatim eta kumanehna dibeakkeun jeung didahar salila aya dina jero asuhanna.

Lamun urang katitipan anak yatim, maka kudu diurus anu sakumaha mistina, ulah pisan urang ngagantungkeun kahirupan kana harta anak yatim bari urang henteu usaha.

Hadirin sadaya anu berbahagia!
Nyakitu deui agama islam kacida pisan ngalarangna ka urang sadaya kana ngadahar barang anu riba. Jeung anu pang akhirna urang sadaya dilarang ku agama nyaeta doraka ka indung bapa, padahal eta indung bapa geus teu boga daya jeung usaha sarta hirupna sangsara.
Upamana anu opat perkara ieu geus dipigawe ku jalma muslim maka pikeun manehna bakal meunang karugian anu pohara, nyaeta moal asup ka surga jeung moal bisa ngarasakeun kana kanikmatan surga, kumargi kitu kedah engal-engal ditobatan sateuacan urang sadaya kaburu maot.

Sakitu anu tiasa didugikeun ku jisim kuring kapara hadirin sadaya mudah-mudahhan urang sadaya tiasa nebihan kana sakumaha pidawuh Kanjeung Nabi SAW. Oge mudah-mudahhan anu diuraikeun sanajan singkat aya manfaat ka urang sadaya.  Amin.
Previous
Next Post »
0 Komentar